2 Samuel 2
Sanggeus kitu Daud unjukan ka PANGERAN, "Kumaha abdi teh, naha kedah mios sareng nyangking salah sawios nagara Yuda?" PANGERAN ngawaler, "Enya!" Piunjuk Daud, "Kedah ka mana?" Waler PANGERAN, "Ka Hebron."
Ti dinya Daud jengkar ka Hebron. Garwana, Ahinoam urang Yisrel jeung Abigail urut bojo Nabal ti Karmel dicandak,
kitu deui balad-baladna saanak bojona, tuluy maratuh di Hebron.
Burubul urang Yuda daratang ka Hebron, seug Daud ku maranehna dijenengkeun jadi raja di Yuda. Sanggeus Daud ngadangu warta yen anu ngurebkeun Saul teh urang Yabes di Gilad,
anjeunna miwarangan utusan, amanatna, "Mugia maraneh ginanjar rahmat PANGERAN, geus ngurebkeun raja gusti maraneh, nembongkeun katresnan.
Saterusna mugia PANGERAN kersa maparin ka maraneh sih panggalih-Na. Kami oge seja nembongkeun kahadean ka maraneh, ngabales kahadean maraneh kitu.
Sing taleger galede hate! Saul raja maraneh geus teu aya, ari Kami geus dijenengkeun raja ku urang Yuda."
Ari putra Saul anu jenengan Isboset, harita ku Abner bin Ner panglima perang Raja Saul geus dicandak meuntasan Walungan Yordan ka Mahanaim.
Tuluy ku Abner dijenengkeun raja, nyangking wewengkon-wewengkon Gilad, Aser, Yisrel, Epraim, jeung Binyamin, cindekna sakuliah tanah Israil.
Yuswa Isboset waktu dijenengkeun jadi raja Israil opat puluh taun. Ari ngarajaanana dua taun. Tapi kaom Yuda mah tetep satia ka Daud.
Daud ngarajaanana di Hebron marentah Yuda teh tujuh satengah taun.
Hiji mangsa Abner angkat ti Mahanaim ka Gibon, bareng jeung ponggawa-ponggawa Isboset.
Di hiji balong di Gibon amprok jeung Yoab putra ibu Seruya sabaladna, ponggawa-ponggawa Daud. Reg itu ieu kandeg tuluy naragog, itu beulah ditu, ieu beulah dieu.
Saur Abner ka Yoab, "Barudak ngora ti dinya jeung barudak ngora ti dieu urang adukeun, sina tanding ngadu pakarang!" Waler Yoab, "Hayu!"
Der diaradu, dua belas urang ti Isboset jeung kaom Binyamin, dua belas urang ti Daud.
Hiji lawan hiji, silih tekuk punduk, silih kadek cangkeng, nepi ka kabeh dua puluh opat urangna rarubuh bareng paraeh. Anu matak eta tempat di Gibon disebut "Helkat Hasurim" hartina: Medan Pedang.
Diaraduna diteruskeun ku campuh ragot. Abner jeung urang Israil kadeseh ku jalma-jalma ti Daud.
Ari putra ibu Seruya anu harita aya di dinya tiluanana, nya eta Yoab, Abisai, jeung Asahel. Ari Asahel bisa lumpat tarik kawas uncal,
ngudag ka Abner.
Abner ngalieuk tuluy nyaur, "Silaing, Asahel?" Walon Asahel, "Heueuh!"
Saur Abner, "Montong ngudag ka kami! Itu bae udag prajurit, pek barangna cokotan." Tapi Asahel ngudag terus.
Saur Abner deui, "Ceuk kami eureun, eureun! Arek maksa ka kami, hayang dipaehan? Kumaha engke kami pikadugaeun padeuleu jeung Yoab dulur maneh?"
Ku Asahel teu ditolih. Abner malik, mapag ku congo tumbakna bari didorong, bles ambles kana beuteung Asahel mani parat kana tonggongna. Bluk Asahel ngudupung tuluy paragat di dinya keneh. Saban anu ngaliwat ngarandeg heula deukeut mayitna.
Abner diudag ku Yoab jeung Abisai. Wanci surup panonpoe, anu ngarudag teh narepi ka pasir Amma wetaneun Gia di jalan anu brasna ka tanah gurun wewengkon Gibon.
Jelema-jelema urang kaom Binyamin ngumpul deui jeung Abner, tuluy narangtung di puncak hiji pasir.
Abner ceceluk ka Yoab, saurna, "Ieu teh arek terus bae merangan, moal eureun? Na teu kajudi pitemaheunana nya pait nya getir? Iraha rek dititah eureunna eta jelema-jelema teh, ulah haben bae ngudag-ngudag? Urang teh tunggal batur sanagara!"
Waler Yoab, "Sumpahna ge demi Allah nu jumeneng, mun andika teu sasauran kitu, rek terus dibeledig nepi ka isuk!"
Ti dinya Yoab niup tarompet, tangara narik baladna supaya ulah terus ngudagna ka urang Israil. Rep perang eureun.
Abner sabaladna sapeuting eta terus ngajugjug ka Lebak Yordan. Ti dinya terus meuntasan Walungan Yordan. Poe isukna maju keneh, geus kitu sumping deui ka Mahanaim.
Sanggeus henteu ngudag deui ka Abner, Yoab ngumpulkeun baladna. Aya salapan belas urang anu kasambut, jaba Asahel.
Jalma-jalma Abner anu kasambut aya tilu ratus genep puluh urang, kabeh ti kaom Binyamin.
Mayit Asahel ku Yoab dibawa ka Betlehem, dimakamkeun di makam kulawarga. Geus kitu Yoab sabaladna maju sapeupeuting, wanci balebat narepi ka Hebron.